Tuesday, 14 March 2006

wilujeng

wilujeng milangkala ka rai abdi: Tazkia Fitra Aulia Andi Welong anu dinten ayeuna tos 12 taun yuswana.
wilujeng milangkala oge ka sadagori, tapi hapunten iyeu mah abdi oge hilap nu kasabaraha.. lamun teu lepat mah nu ka 20 atawa 22 sami sareng abdi? alah.. punten atuh iyeu mah...
ka pu biang oge, wilujeng bagja sareng hatur nuhun pisan 12 taun kapungkur tos masihan rerencangan kanggo abdi eta rai anu geulis, pinter, hideng, soleh ah meni sagala eta. hatur nuhun ti alit tos diajarkeun sagala rupi ameh pinter, soleh jeung hideng oge hatur nuhun sareng syukur ka Gusti Alloh kanggo kanyaah sareng geugeut na pun ibu. "mah moal di-sia-siakeun ku abdi.. nyungken pidu'a na weh"
amin.
wilujeng rieut ka sadaya anu teu ngartos abdi teh ngabaceo naon iyeu teh. upami panasaran kanu hartina naon.. yeuh aya toto'ongan bari jeung iyeu oge da teu lengkap, tapi sok lah mangga cobian heula weh bising jadi ngartos.

0 comments:

Post a Comment

© wondering clouds 2012 | Blogger Template by Enny Law - Ngetik Dot Com - Nulis